Ngiluan Ngajual Arak


LOBA pisan akal tukang dagang arak (miras), teu bisa ngajual make botol, akhirna ngakal make plastik. Botolna mah dipiceun, teuing kamana. Modus anyar kitu teh teuing meunang ide ti mana. Muga-muga lain ide ti Satpol PP.
Mang Nasir, warga di Kabupaten Bandung namu ka Mang Koko. Majarkeun arek nanya, bari ngajak Mang Koko, kumana carana ngajual arak tapi teu ditewak pulisi jeung teu diburak-barik Satpol PP.
Mang Koko kacida bingungna, kusabab ngabejaan oge sarua jeung mere cukang kanu rek meuntas. Paralun teuing sieun diundag-udag ku pulisi, ngabejaan jalma anu arek jahat. “Kumana nya Sir, da kuring mah paralun teu wani ngabejaan maneh, komo arek ngajual barang haram mah. Kuriak ditewak pulisi,” ceuk Mang Koko.
“Ari Koko, kumaha, sabaraha persen hayang kabagean ti kuring. Sok diagehan, asal bejaan naon ide anu anyar carana ngajual arak tapi teu ditewak pulisi. Apan urang teh lain sobat ayeuna-ayeuna, geus heubeul, piraku teu mere ide,” Nasir terus ngolo.
Anu antukna Mang Koko pasrah, eleh ku desekan ti Mang Nasir. “Nya heug atuh, mun bisa mah jual caina weh, entong jeung botolna,” cenah. Saminggu jalan, laris manis tanjung kimpul, ngajual arak teh laku pisan, komo keur barudak baragajul mah.
Kacaritakeun Mang Koko, sanggeus ningali sobatna maju ngajual arak, manehna ngarasa kaduhung ngabejaan kitu. “Ah aing mah, paduli teuing, pamarentah oge teu paduli ka kuring. Sakalian weh, ngajual arak,” Mang Koko nekad. Teu kungsi lila, Mang Koko kabejakeun ditewak pulisi, lantaran ngiluan ngajual arak miluan Mang Nasir sobatna.(*)
Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: