SYUKUR


ku Abu Ahmad (Nana Sujana)

Dina Al-Qur’an Alloh swt marentahkeun:

“Sarta kudu syukur maneh ka kami (Alloh), jeung ka indung bapa, sarta ngan ukur ka kami maneh geusan mulang”.

“Sarta kudu syukur maneh ka kami (Alloh), jeung ka indung bapa, sarta ngan ukur ka kami maneh geusan mulang”.
“Sarta kudu syukur maneh ka kami (Alloh), jeung ka indung bapa, sarta ngan ukur ka kami maneh geusan mulang”.

Syukur ka Alloh jeung ka indung bapa, tangtu dina praktek amalna teu sarua, sabab harti syukur teh ngabogaan harti anu jembar. Syukur bisa dihartikeun, tho’at, hormat, jeung deudeuh, sarta bisa oge dihartikeun hutang budi, atawa ngajen anugrah tina rupaning nimat katut anugrah ti Robbun Ghoffur, sarta boga karep pikeun ngagunakeun nanugrah bieu, kalawan luyu jeung anu dipikersa ku Anjeunna anu masihanana.

Alloh swt parantos masihan anugrah anu aya patalina jeung kabutuhan hirup manusa, panempo, pangdenge, akal pikiran jeung sajabana. Eta kabeh mangrupa sarana mutlak pikeun laju hirup manusa, anu perlu disyukurkeun. Eta karep pikeun syukur ka Alloh swt, tangtu bakal lahir lamun manusa boga kasadaran pikeun mere ajen kana anugrah, nyaeta kasadaran timbul tina rasa rumasa dina diri, ngarasa hutang budi, sarta dinyatakeun (dibuktikeun) make jalan ibadah, sabab Alloh swt mah, teu perlu balesan materi, manusa ngan ukur diparentah pikeun ibadah ka Alloh swt dina harti ngalaksanakeun parentah Alloh sareng ngajauhan laranganana.

Ngan hanjakal kaseuseueuran manusa sok rajeun ingkar, teu boga karep pikeun syukur, sabab teu boga rasa rumasa, sarta teu ngarasa hutang budi ka Alloh swt, malah ngarasa hasil tina usaha sorangan, teyu ngarasa dibantu ku Alloh swt. Antukna leungit rasa syukur, ibarat Qorun di zaman firaon anu nyarita “…innamaa utiituhu ‘ala ilmin min indiy.. (ngan bae sagala anugrah anu dipimilik kukuring teh hasil tina usaha kuring, hasil tina kapinteran kuring)”.

Eta sababna sacara “legendaris” Qorun di zaman Firaon jadi conto utama manusa nu teu daek syukur, kalangan mustakbar (jalma sombong, editor) anu ingkar. (Malah ditatar sunda mah aya istilah harta karu sagala).

Di jaman kiwari oge, teu saeutik manusa anu mibanda sifat sarta lampah model Qorun di zaman Firaon. Teu boga rasa rumasa sarta teu ngarasa hutang busi ka Alloh swt, anu parantos masihan anugrah ka dirina. Leungit karep jeung kahayang pikeun ibadah, malah sagala anugrah anu dipimilikna dijadikeun ajang pikeun maksiat jeung kazoliman.

Syukur ka indung bapa, lain diukur tina jihat loba jeung saeutikna jasa. Kitu deui, teu bisa di ukur tina jihat loba jeung saeutikna bantuan anu jadi anak ka kolot. Saperti ditegeskeun dina hiji riwayat: Nalika sahabat tumaros ka Rosululloh saw, yen dirina tara nganyeri kanu jadi kolot malahan indungna perenah digagandong sagala, sarta hasil tina kasab usahana dipasrahkeun kabeh kanu jadi kolotna, waktu ditaroskeun ka Rosululloh saw, “ya Rosululloh, naha geus cumpon mulang tarima syukur kanu jadi kolot?” kalawan teges Rosululloh ngawangsul, “teu sarenghap napas acan maneh  males, sabab kolot maneh mah ngurus maneh teh sangkan maneh bisa hirup di alam dunya, sedengkeun maneh teu leuwih ngan ukur nungguan maneh kolot maneh maot”.

Kukituna, anu disebat syukur ka indung bapa teh, nedunan kawajiban anu diparentahkeun ku Alloh, lain ukur mulangtarima sacara materil tapi sangkan sakumna manusa syukur, dina harti tho’at, hormat jeung deudeuh kanu jadi indung bapa. Lamun manusa syukur ka indung bapa, hartina geus syukur kalawan rangkap; kahiji, syukur dina harti nedunan wasiat Alloh, nyaeta sangkan hormat ka indung bapa; kadua, syukur dina harti mere ajen ka anu jadi kolot, anu geus ngurus sarta ngagedekeun anakna kalawan susah payah, sadar yen dirina moal lahir di alam sunya lamun teu make jalan indung bapa.

Layak lamun martabat indung bapa ditempatkeun dina martabat anu luhur. Malah dina parentah syukur ka indung bapa disajajarkeun jeung parentah syukur ka Alloh swt, ditunjang ku sababaraha hadis, saperti, “(hartosna) karidoan Alloh aya dina karidoan indung bapa” sarta seueur deui hadis anu lain anu negeskeun kautamaan indung bapa.

Sarta dina lebah dieu, sangkan martabat indung bapa tetep utama. Pihak kolot oge kudu bisa ngajaga sarta ngariksa martabat bie kalawan hade, sangkan layak dihormat ku anu jadi anakna. Lamun indung bapa geus teu bisa ngajaga sarta ngariksa wibawa, bakal leungit “karisma” anu brasna kana bisa ngaleungitkeun ajen anu aya dina dirina. (*)

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout /  Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout /  Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout /  Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: